Dina sajarah leksikografi Sunda Kamus Basa Sunda yasana Raden Satjadibrata teh kalebet kamus Sunda munggaran nu disusun ku urang Sunda Satjadibrata kagungan kasadar wireh karaos perlu teu kinten ayana kamus nu kenging didamel tuduh jalan nyaeta kamus Sunda nu diterangkeun ku basa Sunda tur diangken ku ahli basa Sunda yen leres kateranganana Hanjakal pisan teu aya kamus sarupi kitu teh Pihatur R…