Prabu Wangisutah, roman sajarah nu ditulis dumasar kana naskah-naskah Pangéran Wangsakerta, terasna tina Wastu Kancana (Pusat Studi Sunda, 2012). Sabada mulang ka Kawali, Wastu Kancana teu puruneun gancang-gancang diistrénan jadi papayung nagri, jeneng ratu jadi prabu. Sabab nurutkeun anggapanana jadi raja Sunda téh teu gampang. Kudu tanggoh dina wates bebeneran mun hayang raharja sapangeus…