Ke…ke… naon bentenna ari kawih nu disebut lagu panambih sareng nu sok dipirig ku gamelan?” cek Yati bangun panasaran. “Taya bentenna meueus-meueus acan,” walon Kang Atma, “Eta-eta keneh hakekatna mah. Bentenna ngan ukur lebah lagam ngahaleuangkeun. Ku margi lagamna lagam mamaos, tur dipirigna ku kacapi indung sareng rincik sareng suling ; sareng ku margi geus matuh sok dikantetke…
Pikeun ngumpulkeun babasan jeung paribasa anu dimuat di dieu pangarang nyutatan babasan jeung paribasa anu kasampak dina karya sastra para pangarang Sunda nu geus moal bireuk deui Minangka conto dipakena babasan jeung pari basa anu dimaksud pangarang nyutat kalimah anu ngagunakeun eta paribasa tina buku buku anu dijadikeun sumber Buku ngeunaan babasan jeung paribasa teh lain bae perelu dina hir…
Dayat jeung Duduy dua sobat nu ninggalkeun sakola alatan hayang bebela ka lemah cai Dina napas panungtungan Duduy mere amanat ka sobatna sarta omat omatan sangkan Dayat sanggup nepikeun eta amanat Lian ti Amanat dina Napas Panungtungan aya deui cariDayat jeung Duduy dua sobat nu ninggalkeun sakola alatan hayang bebela ka lemah cai Dina napas panungtungan Duduy mere amanat ka sobatna sarta omat …
Dina carita carita tareh Ki Umbara kayakinan tau hid jeung kaihlas dina enggoning nyiar rido Allah teh jadi karasa kongkrit ku sabab dumasar kana kanyataan sajarah lain ngan wungkul hasil ima ji nasi pangarangna Ku metik carita tina tareh Ki Umbara mere conto nyata ngeunaan praktek tau hid jeung neangan rido Allah anu didadasaran ku kaihlas dina enggoning nyanghareupan jeung narima kadar anu tu…
Pipisahan nyarioskeun hiji istri anu ngadadak dipirak ku carogena ku margi mertuana anu pidunya sareng umaing Ku pangarang ditetek kalayan imeut kumaha raraosan hiji istri anu teu gugur teu angin kedah ngantunkeun rorompok caroge sareng putra putrana kumaha sedihna nguping tilas carogena udur dugi ka hanteuna kumaha kedah milari pangupajiwa sareng ngajagi dirina saparantos jadi randaPipisahan n…
Tanjeur Na Juritan Jaya di Buana ngagambarkeun kamekaran sajarah jeung kaayaan katut kahirupan urang Sunda dina mangsa di Tatar Sunda ngadeg Karajaan Sunda dina abad ka 14 nepi ka abad ka 16 Kalawan ngagunakeun sumber sumber tina naskah naskah Pangeran Wangsakerta jeung naskah naskah dina basa Sunda kuna anu nepi ka ayeuna geus kabuka ku para ahli Yoseph tapis pisan ngagambarkeun kahirupan jeun…
Pamanahrasa nurut bari usad esod diukna ngeser ka palebah amparan gigireun Syeh Ahmad Luk tungkul murungkut jiga kuuk Santri santri nu geus rengse daharna loba nu kalaluar ti jero masjid Nu kamerekaan gura giru muru walungan Di jero masjid katempo rada corengcang Nyai Subanglarang imeut nalingakeun lalaki anyar pinanggih nu diuk gigireun Syeh Ahmad Sabot kitu Pamanahrasa nyengkatkeun tungkulna …
Peperenian Urang Sunda enas-enasna mah hayang némbongkeun kaunikan basa Sunda. Éta kaunikan téh tangtu némbongkeun pangalaman hirup urang Sunda anu mibanda konvénsi budaya sorangan. Pangpangna mah tangtu baé bisa nuduhkeun tradisi masarakat Sunda ti waktu ka waktu. Tradisi anu lahir tina kabiasaan-kabiasaan hirup urang Sunda téh medalna henteu sabongbrong. Mun nilik kana wawa…
Kalangkang Japati karangan Aam Amilia téh nyaritakeun lalakon Anggina nu sapopoe gawé di event organizer, ngarangkep pangurus Asrama Pahatu lalis nu diadegkeun ku akina di Kota Kembang. Hiji mangsa, manéhna nandangan pitenah ti salah saurang pamajikan donatur. Pajar téh cenah “Tong so sosial! Berkedok sosial, padahal awéwé tukang morot duit salaki batur.” Tangtu pohara matak jangheut …
Ajar Kutamangu nyaritakeun pangalaman Ajar Kutamangu adina Pamanahrasa di karajaan Talagamanggung, di wewengkon Talaga, salah sahiji kacamatan di Majalengka ayeuna. Di ieu karajaan, Ajar Kutamangu mantuan Simbarkancanaputri raja Talagamanggungnumpes komplotan anu maehan ramana. Singhoreng eta komplotan teh diluluguan ku caroge sang putri sorangan. Ajar Kutamangu teh salah sahiji novel tina ran…