Text
Kalangkang Japati
Kalangkang Japati karangan Aam Amilia téh nyaritakeun lalakon Anggina nu sapopoe gawé di event organizer, ngarangkep pangurus Asrama Pahatu lalis nu diadegkeun ku akina di Kota Kembang. Hiji mangsa, manéhna nandangan pitenah ti salah saurang pamajikan donatur. Pajar téh cenah “Tong so sosial! Berkedok sosial, padahal awéwé tukang morot duit salaki batur.” Tangtu pohara matak jangheut kana haténa. Pikeun ngabangbrangkeun kapeurih tina éta pitenah, Anggina nyorang nagri Walanda. Sajeroning kitu, weléh mikiran saha donatur nu ngalantarankeun pitenah ka manéhna. Naha Langga, pangusaha jugala nu kungsi neundeun haté ka Anggina? Jéy, nu kungsi tepung basa mimitran di Paguyuban Nonoman Sunda? Atawa boa saha…?
Tidak tersedia versi lain