Hiji Tanggal nu Dipasinikeun téh ngamuat 16 carita pondok Wahyu Wibisana nu ditulis taun 1956—1983. Nuturkeun carita pondok Wahyu Wibisana dina ieu buku, anu diruntuykeun nurutkeun titimangsana (kronologis), lir ibarat urang nuturkeun deui lalampahanana anu natrat tur kawilang panjang. Miang ti Cisayong, ngumbara (atawa ngungsi?) ka Bogor, terus ka Bandung. Dina saincak-incakna, anu kabaca …
Néléngnéngkung dina ieu buku karya Wahyu Wibisana (WW) écés nyaritakeun kahirupan pangarang mangsa budak nepi ka sawawa kalawan teu leupas tina héab asih indung. Dina ieu buku WW teuing ku galecok nyaritakeun kahirupan sapopoé nu kasorang ku dirina dina bunderan kanyaah indung jeung bapa, dipulas ku latar lembur tempat gelar jeung sabudeureunana, terus latar pangjugjugan néléngnén…